Conto Carita Pondok Basa Sunda
nyieun Carita pondok basa Sunda
1. nyieun Carita pondok basa Sunda
Jawaban:
Kiwari, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Manehan nana teh keur arenjoy bari sasarandean di sisi jalan. Matana barereum, kitu oge sarua jeung bengeutna lantaran ges pararah narenggak botol.
Manehan nana caritana arek naraek mobil taksi.Nah tos kitu, teu lila aya oge lewat mobil taksina, nya tos atuh langsung di erenkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol eta teh. Ceuk supir taksina teh na jero hatena: “Anyir.. ieu barudak ngora teh marabok wae pagawean nana, ku aing gawean siah..!”
Tah, ararasup tah budak ngora teh nu tiluan ka jero taksi, sangges di jero taksi si supirna teh langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeng ges kitu dipareman deui. Ceuk supirna teh: ” atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!”
Nah, percaya weh tah barudak ngora teh lantaran ges pararah.. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu oge budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si eta mah.
Nah pas budak ngora nu ka tilu, manehna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarekan jeung nyabok beunget supir, bari ngomong: “Engke deui mah mun mawa taksi teh ulah ngebut-ngebut teing gera.. Bahaya! Kalem weh atuh..!” Ceuk supir taksina teh: “Dasar jelema garering siah!!!” *PloKk*
2. carita pondok basa sunda tentang pengalaman pribadi
Dina nulis carita pangalaman, aya dua rupa carita pangalaman, nyaeta carita pangalaman pribadi jeung catetan poean. Sanajan pangalaman pribadi jeung catetan poean teh sarua nyaritakeun ngeunaan kajadian anu kaalaman ku hiji jalma, tapi dina cara nulisna pangalaman pribadi beda jeung catetan poean.
Pangalaman pribadi, dina nulisna atawa nyusunna biasana sok dirancanakeun heula, sedengkeun catetan poean mah nulisna teh langsung wae unggal poe atawa lamun aya kajadian penting anu perlu dicatet. Kusabab pangalaman pribadi mah dina nulisna teh sok dirancanakeun heula, tangtu aya cara anu bisa dijadikeun tungtunan dina nulis pangalaman pribadi.
Aya sawatara aturan, tungtunan atawa padoman anu bisa digunakeun dina nulis pangalaman pribadi anu merenah, diantarana nyaeta ku ngagunakeun aturan anu geus biasa digunakeun ku balarea, saperti aturan 5W+1H (what, who, when, where, why jeung how). Hartina, hiji carita bisa dianggap merenah atawa lengkep umpama miboga unsur 5W+1H.
Di handap ieu conto carita pondok basa Sunda ngeunaan pangalaman pribadi anu ngagunakeun rumusan 5W+1H :
Liburan ka Basisir Pangandaran Jeung Batu Karas
Umpama ditilik tina rupa-rupa kaayaan jeung kaendahan alamna, daerah Pangandaran teh mangrupakeun daerah wisata anu kacida alusna anu aya di nagara urang. Sabab anu utama kunaon Pangandaran teh rada hese kana majuna dina widang pariwisata, nyaeta kulantaran jalan aksesna anu sok kadang-kadang rada hese.
Sanajan kuring geus mindeng liburan ka basisir Pangandaran, dina liburan sakola taun kamari, kuring jeung kulawarga indit deui liburan ka basisir Pangandaran. Dina liburan anu kamari mah kuring henteu ngan saukur ka basisir Pangandaran, tapi kuring ngadatangan hiji basisir anu can pernah didatangan ku kuring, nyaeta basisir Batu Karas.
Basisir Batu Karas teh sabenerna mah masih keneh kaasup daerah Pangandaran, tapi kusabab jalan aksesna kurang alus, eta basisir teh jadi jarang anu ngadatangan. Kusabab kitu, basisir Batu Karas mah kaayaanana leuwih beresih jeung leuwih sepi ti batan basisir Pangandaran. Jadi harita mah kuring ulin di basisir teh kacida ngeunah jeung resepna.
Waktu inditna ka Batu Karas, kuring ngaliwatan ka daerah kidul kota Tasikmlaya. Harita mah jalanna masih keneh can alus. Waktu ngaliwatan daerah kidul Tasikmalaya, kuring kungsi nempo jalan anu alus di sisi basisir, ceunah mah eta teh jalan mangrupakeun bagian ti jalan basisir kidul pulau Jawa anu bakalan nyambung nepi ka Sukabumi.
Umpama eta jalan geus nyambung ti Sukabumi, tangtu bisa jadi jalan alternatif pikeun jalan basisir kaler Pulau Jawa, umpama eta jalan geus nyambung oge ka basisir kidul Pulau Jawa di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Ditambah deui ku ayana rancana jalan toll Cileunyi-Garut-Tasik-Banjar, sigana jalan akses ka daerah Pangandaran bisa jadi leuwih gampang pikeun urang Bandung jeung Jakarta.
Dina liburan eta teh kuring nginep di Batu Karas salila dua poe. Waktu balikna deui ka Tasik, kuring henteu ngaliwatan deui ka jalan kidul, tapi ngaliwatna ka jalan Pangandaran. Saacan ka Pangandaran, kuring nyimpang heula ka Cukang Taneuh atawa daerah anu katelahna teh "Green Canyon".
Sanggeus ti Green Canyon, saacan balik ka Tasik, kuring nyimpang heula ka basisir Pangandaran. Di basisir Pangandaran kuring teu lila, sanggeus balakecrakan dahar beurang kadaharan hasil laut, kuring terus balik ka Tasik. Jadi, sanajan kuring geus sering ka Pangandaran, dina liburan sakola anu kamari mah kuring teh kacida resepna, sabab kuring kakara pisan ka basisir Batu Karas teh.
3. carita pondok basa sunda tentang pangalaman pribadi
“Assalamu’alaikum Wr. Wb..
Rerencangan sadayana, pangalaman abdi mah sanes aneh, tapi asyik sarta reseup. Abdi teh tos lami hoyong terang ka Curug Cilember teh. Tah, pas minggu kamari aya dulur ti Bandung. Dulur abdi teh anggota Wanadri anu resep pisan bertualang dina hutan.
Abdi ngiring kemping sareng manehna. Wah, resep geuning kemping di wanawisata Curug Cilember teh. Udarana seger pisan. Leuweungna alamiah keneh. Tangkalna jarangkung.
Kemping teh di curug tujuh. Curug anu pangluhurna, saurna mah 40 meter cenah luhurna teh. Masang tenda teh di lokasi camping grouns, teu tebih ti curug. Jadi ti tenda katingal curug teh, ngaguruh matak resep ningalna. Mani nyecep tirisna kana badan teh.
Enjingna abdi diajak ameng diditu, mapay-mapay jalan satapak, ningalian curug anu sanesna. Sadayana aya tujuh curug Cilember teh. Mung anu sok rame kasumpingan ku wisatawan mah mung curug tujuh sareng curug lima. Di dua lokasi eta aya tempat kemping.
Curug hiji mah jarang aya nu nyaba, da lokasina tebih pisan jaba cenah jalanna sesah. Salian ti ningalian curug, abdi teh ameng ka Taman Kupu-kupu anu lokasina masih di sekitaran curug Cilember.
Ih, mani resep ningalian kukupu, seueur pisan sareng rupi-rupi jenisna. Eta kukupu teh dikembangbiak-keun dina laboratorium husus, dikurungan ku kawat. Rupina moal papanjangan, sakitu we anu tiasa dicarioskeun. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.”
4. carita pondok bahasa sunda pendidikan
ayeuna udin nincak kelas 2 sma, udin budak pangbagerna oge pang pinterna di kelas .Udin boga nilai pangalusna wae sa sma ,malah manehna jadi juara umum di sakolana.
Ku kapinteran udin tara balagu , manehna osok nulungan babaturan anu ,kurng pinter ti manehna.Kusabab kitu Udin sok di hargaan ku guru jeung banaturanna sasakola
Indung jeung bapakna oge bingah boga budak sigah udin.....
5. carita pondok basa sunda tentang pangalaman pribadi 2017 tahun baru
salsa=Mia,liburan iyeu mau teu ka ulin lili? soalna lili mau ngabuat sukuran. Mia=nyaudah atuh tapi teh kamu nyamper ka Ulin abdinya salsa=nya atuh ,kan Aya abdi. ,,,,,,,,,. akhirnya mereka berdua pergi berlibur ke rumah Lili,demi membahagiakan temannya tersebut
6. definisi carita pondok (carpon) DALAM BAHASA SUNDA
nyaeta mangrupa Carita rekaan Dina Wangun prosa(lancaran) anu wangunna pondok...
7. Basa Inggrisna Kekecapan Carita Pondok,Nyaeta
tartness of the cottage
Jawaban:Short story shortness, is
Penjelasan:,
8. 1. Naon anu disebut carita pondok?2. Naon anu jadi ukuran pangna disebut carita pondok?3. Sebutkeun unsur-unsur carita pondok?4. Sebutkeun buku-buku carita pondok dina sastra Sunda?5. Naon bedana carita pondok jeung novel?
Carita pondok nyaeta carita anu teu leuwih panjang ti novel.Ukuranna nyaeta panjangna teu leuwih panjang ti novel jeung caritana bisa dipungkas harita keneh. Unsur-unsur carita pondok nyaeta palaku, galur carita, jejer, latar, jeung waktu. Buku-buku carita pondok dina sastra Sunda salah sahijina nyaeta "Sanggeus Umur Tunggang Gunung" karya Usep Romli. Bedana carita pondok jeung novel nyaeta carita pondok ngan nyaritakeun riwayat palaku dina hiji sisi nu pondok jeung anggeus dina ahir carita. Mun novel nyaritakeun palakuna kalawan lengkep jeung panjang. Pembahasan
Carita pondok adalah cerita yang panjangnya tidak lebih panjang dari novel dan bisa dihabiskan dalam sekali duduk. Cerita pendek merupakan cerita yang menggambarkan satu sisi dari cerita pelaku dalam bentuk yang singkat serta menghindari penjelasan yang terlalu detail.
Carita pondok biasanya bisa kita habiskan membacanya dalam waktu beberapa menit hingga 30 menit. Panjangnya sebenarnya tidak ada batasan, namun ada yang bisa dijadikan panduan yaitu mempunyai panjang sekitar 1000 hingga 7500 kata. Panjangnya bisa sekitar beberapa halaman hingga 10 atau 25 halaman.
Tidak seperti novel yang panjang dan menceritakan semuanya secara detail, bahkan untuk hal-hal yang bersifat menunjang cerita, carita pondok berusaha untuk hemat dalam penceritaan. Carita pondok hanya menceritakan apa yang dinilai penting saja dan benar-benar menunjang cerita.
Pelajari lebih lanjutTentang carita pondok:
https://brainly.co.id/tugas/759778https://brainly.co.id/tugas/50631905https://brainly.co.id/tugas/13464156Detail JawabanKelas: 7
Mapel: Bahasa Daerah 14
Bab:
Kode: 7.14
#AyoBelajar
9. Carita pondok sunda anu tema na kabeurangan
sangkuriang kabeurangan
10. buku kumpulan Carita pondok Munggaran basa Sunda judulna
Jawaban:
rahmatullah ading affandi (raf)
11. nyien carita pondok bahasa Sunda
Jawaban:
kamu bikin cerita pake Bahasa Sunda..12. buatlah carpon(carita pondok) bahasa sunda
Jawaban:
SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
- Bahasana : Lemes
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.
13. Contoh Carita pondok bahasa sunda
Jawaban:
carita pangalaman juga bisa dijadiin cerita misalnya cerita sedih kamu bahagia kamu
14. carita pondok bahasa sunda pendidikan
carita "HZ MUSTOFA"
"SRIKANDI TASIK "
15. buatlah carpon(Carita pondok) basa Sunda dengan tema covid-19
Jawaban:
Warta tina virus Corona parantos dugi ka kampung Sari Asih. Mémang, virus ieu nginféksi ka nagara China. Sanaos para warga parantos diantisipasi di dinya, tangtosna sumebar teu bisa dileungitkeun kusabab mobilitas gancang manusa di daérah modéren ieu. Sareng seueur warta anu matak ngabingungkeun ngeunaan virus ieu ngajantenkeun seueur masarakat bingung. Kusabab kumaha waé wartos éta leres sareng anu salah. Sadaya aya dina hiji.
Kanggo sababaraha alesan nalika panyakit ieu nyebarkeun seueur bohong warta anu sumebar di nagara ieu. Ieu pisan anu nyababkeun suasana kampung Sari Asih. Sababaraha urang batuk, aranjeunna langsung pisahkeun, henteu diidinan kaluar sareng malah tuang di rohangan. Atoh, jalma-jalma di dinya aya anu kena ku kasieun.
Sieuneun nyegelkeun suasana désa. Dulur masing-masing curiga, naha aya batuk atanapi sesak napas. Kaseueuran unggal dintenna ngangge topéng. Malahan hoeing di sawah masing-masing nganggo masker. Dina raraga pikeun awakna janten séhat, aranjeunna kedah nyéépkeun sakedik dina saku kanggo mésér buah. Anjeunna nyarios yén buah ieu seueur vitamin anu tiasa ngajaga kasehatan.
Posting Komentar untuk "Conto Carita Pondok Basa Sunda"