Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Carpon Basa Sunda Singkat


Contoh Carpon Basa Sunda Singkat

contoh contoh carpon basa sunda

1. contoh contoh carpon basa sunda


Carpon atawa singkatan tina carita pondok. Carpon mangrupakeun karangan rekaan atawa fiksi anu eusi caritana pondok sarta biasana ngan saukur nyaritakeun hiji kajadian atawa peristiwa. Carpon biasana sok nyaritakeun carita anu miboga sipat realistis. Sanajan sipatna realistis, eusi caritana bisa tina kanyataan atawa hayalan.

Carpon teh kaasup kana karya sastra lancaran atawa prosa. Carpon kaasup kana prosa anyar. Karya sastra anu kaasup kana prosa anyar nyaeta saperti novel. Sedengleun karya sastra anu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

Conto-conto carpon Sunda nyaeta saperti:

1. Kang Sabri Leungiteun Kalangkang (anu ngarangna Mamat Sasmita)
2. Girimis Teu Bae Raat (anu ngarangna Dian Hendrayana)
3. Si Gatot (anu ngarangna Mamat Sasmita)

Ku pondok eusi caritana, carpon biasana bisa dibaca dina sakali mangsa. Carpon oge biasana miboga alur anu henteu rumit sabab biasana ngan museur kana hiji peristiwa atawa kajadian. Dina carpon aya nu disebut unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik.

Nu aya dina unsur intrinsik nyaeta tema, palaku, amanat, latar jeung galur. Sedengkeun nu aya dina unsur ekstrinsik nyaeta nilai-nilai dina carpon, latar belakang kahirupan pangarang jeung situasi sosial.

Anu ngabedakeun carpon jeung dongeng, salian yen carpon mah kaasup kana prosa anyar sedengkeun dongeng kaasup kana prosa buhun, nyaeta carita anu aya dina carpon mah realistis sedengkeun carita nu aya dina dongeng mah biasana loba pamohalan atawa loba bohongna. 

2. contoh carpon sunda singkat yang ada faedahnya


Aya hiji carita tentang satu anak manusia sebut weh ngarana si udin, tapi kade ulah dilandian udin sedunia da udin anu  ini mah salah satu nama udin yang tidak teracantum di warga Negara dunia. GAk…!!

Caritana Si Udin teh umurna geus 36 tahun ( can kawin). Si udin ieu bogaeun hiji karesep anu mana karesep ieu sok matak mopohokeun ka kawajiban manehna salaku umat manusia.  Ka reseupna  si udin teh nyaeta nyienan bandring da lantaran manehna bga laku osok ngabandringan manuk di lemburna teh.

Manukna mah sagala rupa anu sok dibandringana teh aya manuk kutilang dibandring, aya manuk piit dibandring, manuk gareja dibandring,  manuk perkutut pak RT juga dibandring dan sampai- sampai  manuk bobogaan pak Rt na ge t weleh sok dibandringan. Untung we ngan manuk bobogaan pak Rt doang anu dibandringna, bisa bahaya mun nepika ngabandringan  tutut  ibu Rt na mah.  Gak…gak

Hiji mangsa berdialog dengan mamah nya. Kira- kira seperti inilah dialog antara udin dan mamahnya  tercinta.

Ema : ” Din umur maneh teh geus kolot, maneh arek iraha kawin?! ”

Udin : ” Enya, engke ma..! ” ( Bari ngomean bandring)

Ema : ” Ih ari maneh mah engke, engke wae! Iraha din? Yeuuh Ema teh tos hayang boga incu!!! ”

Udin : ” Engke ma! Kalem we  ” (Jongjon bari ngoprek keneh bandring)

Ema : ” Maneh emang nyaho din kmha carana kawin teh? ” (Ngahareupkeun si udin bisa)

Udin : ” Deh.. gampang ma! Pirage kikituan, piraku udin teu nyaho mah..”

Ema : ” Coba atuh cing, bejakeun ka ema kumaha carana kawin teh..?! ”

Udin : ” Kieu ma, kahiji.. Bukaan bajuna..”

Ema : ” Terus?”

Udin : ” Kadua.. buka calanana. ”

Ema : ” Terus din.. terus..?” (Bari panasaran)

Udin : ” Ka tilu.. pas tos ka tingali cangcut na, terus di… euhkeun???”

Ema : ” Horeng bisa gening maneh din, terus dikumaha keun terakhirna???”

Udin : ” Enya, bisa atuh ma! Da gampang kikituan mah ma.  Terus… Di cabak hela ma..”

Ema : ” Terus..din !” (Bari seura-seuri)

Udin : ” Tah geus kitu, di buka.. Urang jieun bandring weh ma cangcutna teh!!”

Ema : ” Goblog siah..!! budak teh wani- wani ngagawean aing!”

Udin : ” Hehee..!!!” (Bari cengar-cengir siga teu boga)



3. Contoh carpon dalam bahasa sunda singkat?


HAYAM KONGKORONGOK SUBUH

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.                                       GAGAK JADI HIDEUNG

           Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak.
          Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh.
          Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
           Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

4. Carpon bahasa sunda yang singkat


kayak cerpen cerita pendek

5. contoh carpon basa sunda dan unsur intrinsiknya


Carita Ti Hiji Makam

Di lembur kuring, kapisah ku Cibuyut - susukan leutik nu mun halodo caina ayeuna mah sok saat, pahareup-hareup jeung Masjid Kaum (disebut kitu, pedah eta masjid teh di lembur mah panggedena), aya hiji makam. Leutik makamna mah. Teuing makam naon ngaranna. Ngan nu jelas eta makam teh pikeun lembur kuring mah dipusti-pusti.
Makam karamat istilah gampangna mah. Pedah eta cenah, di dinya aya makam Eyang Jayalalana, karuhun nu geus boga jasa muka leuweung di lengkob Gunung Sawal ngajadi lembur gede nu ayeuna nelah Cihaurbeuti, lembur kuring tea. Malah cenah, ceuk kolot-kolot di lembur, geuning Eyang Jayalalana teh karuhun ti Pangeran Dipatiukur. Ku alatan geus dikaramatkeun tea, atuh teu sambarang jalma nu bisa dikurebkeun di eta makam. Iwal ti nu bener-bener sagetih alias turunan Si Eyang jeung orok wungkul. Pedah eta meureun, orok mah masih suci. Sedeng ari nu ngaranna karamat mah, pan sok dianggap suci.
Kualatan geus ngajadi makam karamat, nya sok sanajan mun dibandingkeun ka Makam Pasir Dalem nu legana jauh leuwih lega, tapi anehna rahayat di lembur kuring teu ieuh pati wanieun asup ka eta makam. Sieun aya nanaon. Iwal ti jalma-jalma nu boga kawani leuwih nu daekeun asup ka dinya teh. Atawa jalma nu geus nekad. Siga jalma-jalma nu kapengpeongan ku kode buntut. Baheula, basa Porkas jeung SDSB aya keneh.
Ku aya basa pikeun leuwih ngahurmat ka Si Eyang meureun. Tilu bulan ka tukang, di eta makam diayakeun proyek pangwangunan. Nu ngaluluguan tur nyokong dina widang pendanaan teh dua kolot asal ti kota.
Teuing saha sabenerna eta kolot dua adi lanceuk teh. Ngan nu jelas, manehna teh masih pituin urang Cihaur. Malah masih pituin turunan Si Eyang. Ngan ti keur leutik keneh ngumbara di kota. Pikeun sakola tur nyiar pakasaban hirup.
Jalma-jalma nu kawilang sukses cenah maranehna teh. Lian ti beunghar, maranehna oge kungsi boga kalungguhan nu kawilang aheng pikeun urang lembur mah. Nu hiji pangsiunan dosen - malah salaku guru besar. Ari nu hiji deui mah kungsi jadi pajabat agung di Bank Indonesia pusat.
Demi pikeun kuring bisa percaya mun manehna bener-bener salaku jalma sukses, buktina memang geus atra pisan. Siga ilaharna jalma-jalma sukses di urang, ti bareto keneh kuring geus apal mun di eta makam aya sababaraha tumbak tanah kosong nu geus dicirian ku tembok aduk. Bareto mah kuring nyangka eta tanah kosong teh makam. Tapi anehna taya jahulan. Waktu ditanya, cenah eta teh bakal pimakameun pikeun dua jalma si anu jeung si anu; dua ngaran ti maranehna. Kualatan geus aya kavlingna tea, kuring oge yakin mun eta adi lanceuk teh memang masih turunan eyang.
Cenah, eta makam rek dijadikeun Taman Makam. Enya Taman Makam siga nu aya di kota. Nu para pahlawan biasa dikurebkeun tea. Jeung nya eta pisan nu jadi alesanana, yen senah pan jasa Si Eyang ka lembur teh geus kacida gedena. Jadi payus mun makamna diistimewakeun siga bangsa urang nu geus ngistimewakeun pikeun ngurebkeun para pahlawan-na di Taman Makam.
Tah! Kusabab eta makam bener-bener bisa ngajadi Taman Makam, atuh puguh bae bestek pangwangunan eta makam oge bener-bener jiga nu beunang neplak ka Taman Makam nu aya di kota tea. Alhasil, eta makam nu tadina jalanna ngan saukur jalan satapak, bari teu puguh ngulon ngetanna, komo sambunganana, ayeuna mah estu nyarambung bari jeung ditembok. Kitu deui, di eta makam oge jadi aya pangdiukan sagala ayeuna mah.
Kitu deui, sabangsaning tangkal kembang oge jadi leuwih rea ayeuna mah. Komo di sisi-sisi makamna mah. Ngagantikeun eurih-eurih nu ngagalaksak minuhan sisi-sisi makam, jeung geus moal mungkin hirup deui da eta sisi makam teh geus ditembok kacida tohagana. Jadi geus teu sieun loba oray cara tiheula. Alhasil bener-bener teu pikasieuneun deui siga baheula ayeuna mah eta makam teh. Malah jadi pikabetaheun siga ilaharna Taman Makam.
Komo deui mun enya mah jahul-jahul nu rajeg nyirian paesan di eta makam oge, nu tadina tina batu jeung aya sapasang, tur sawarehna tak bernama, baris diganti hiji jahul marmer nu

6. Tolong dong bikinin saya carpon bahasa sunda yang singkat..??


maaf kalau salah kak

7. contoh carpon bahasa sunda singkat​


SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.

Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.

Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Rincian Dongeng:

- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

- Bahasana : Lemes

- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana

- Watek palakuna :

Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.

Raden Sundana = Sarakah

Raden Topobrana = Embung ditindes

- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.

- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :

Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.


8. Carpon basa sunda dan terjemahannya


Versi Bahasa Sunda:


   Liburan taun baru kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung. Abdi sadayana angkat sadinten saatosna nampi rapot. Di Bandung teu seueur angkat-angkatan ka rupi-rupi tempat mung ka TSM,PVJ,Dusun Bambu, ka bumina pun bibi di Cijerah sareng ka bumina pun mamang di Gegerkalong. Tapi tempat anu paling mineng didongkapan mah TSM, kumargi paling caket ti Rorompok. Kaping 31 desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun. Abdi angkat ti rorompok di Cicadas kinten-kinten tabuh setengah lima sonten margi sieun macet dijalan, teu terang mah leres macet.Dugi ka bumi pun ua pas adzan maghrib.

   Kinten-kinten tabuh dalapan wengi acara dikawitan meuleum sate maranggi, katuangan khas Cianjur sareng beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit,endah pisan katingalna. Kaleresan bumi pun ua di sisi sawah janten kota Bandung jelas katingal. Puncakna tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit kota Bandung. Ba'da netepan subuh abdi sadayana mulang ka Cicadas.

Versi Bahasa Indonesia:

   Liburan tahun baru kemarin saya sekeluarga pergi ke Bandung. Kami berangkat sehari setelah bagi rapot. Di bandung kami tidak pergi ke banyak macam tempat, hanya ke TSM,PVJ,Dusun bambu, ke rumah tante di Cijerah dan ke rumah om di Gegerkalong. Tapi tempat yang paling sering dikunjungi adalah TSM, karena paling dekat dengan rumah saya. Tanggal 31 desember saya sekeluarga pergi ke rumah ua di Buah batu, berkumpul untuk merayakan malam pergantian tahun. Kami berangkat dari rumah di Cicadas kira-kira jam setengah lima sore karena takut macet di jalan, gak tahunya malah beneran macet. Sampai di rumah ua pas adzan maghrib.
   Kira-kira jam delapan malam acara dimulai dengan membakar sate maranggi, makanan khas Cianjur dengan ketan bakar yang dimakan dengan sambel oncom. Kembang api dan petasan sudah mulai ramai di langit, indah sekali dilihat. Kebetulan rumah ua saya di pinggir sawah jadi kota Bandung terlihat dengan jelas. Puncaknya jam dua belas pas kembang api dari sana-sini menyala menerangi langit kota Bandung. Setelah shalat subuh kami semua pulang kembali ke Cicadas.


9. Bedana carpon jeung carpen dina basa sunda


carpon(carita pondok) = karya sastra
carpen=fiksi

10. 10 judul carpon basa sunda beserta pengarangnya​


Jawaban:

10 Novel bahasa sunda

Baruang ka nu ngora. pengarang : D.K. Ardiwinata. taun terbit : 2013. ...

Pusaka Ratu Teluh. pengarang : Moh. ...

Ngawadalkeun Nyawa. pengarang : Moh. ...

Munjung. pengarang : Moh. ...

Numbuk di Sue. pengarang : Moh. ...

Laleur Bodas. pengarang : Samsu. ...

Manehna. pengarang : Sjarif Amin. ...

Si Bedog Panjang. pengarang : Ki Umbara.

Penjelasan:

maaf kalo salah


11. contoh carpon bahasa sunda


KASASAR DI KEBON BINATANG
Keur poe minggu abdi jeung dulur,,, dulur,,,, abdi ka kebon binatang naik mobil bus Pas tos nyampe di kebon abdi kajero ngadeuleu sasato anu loba macem macem rupa, aya gaah, Monyet oray, macan burung, landak, Di ditu abdi ngulilingan kebon binatang, entos ngadeuleu sasatoan abdi jeng dulur abdi, aremam Ngampar bari ngadeuleu sasatoan Pas tos emam abdi uih, di perjalanan teh abdi jeung dulur-dulur kasasar teu nyaho jalan, Balik kamobil di ditu kabeh careurik terus urang Tanya-tanya kana jelema Alhamdulillah katimu di dinya kabehan srono akhirna katimu jalan kaluar.

12. Carpon singkat bahasa sunda tentang liburan


Tema : Cerita pengalaman pribadi

Di liburan peré sakola ayena, abdi sakeluargi sareng rerencangan, angkat liburan sasih 2019 ka pantai Pangandaran, nu aya di Ciamis, Jawa Barat. Saking atohna abdi tos mimiti nyiapkeun sagala rupi persiapana ti wengi keneh sapertos acuk, kamera, kaemaman, sareng nu liana.

Abdi sakeluargi angkat nganggo mobil ti bandung kirang langkung tabuh 5 subuh, supados teu keuna macet sareng tereh dugi ka tempat nu dituju. Sabenerna mah abdi ngarasa tunduh keneh enjing eta téh, tapi abdi ngarasa atoh ogé lantaran ku hoyong-hoyongna nganjang ka pantai éta.

Sa'atos beberaha jam, akhirna abdi dugi oge ka pantai pangandaran tabuh 8 enjing, abdi sakeluargi sareng rerencangan langsung baé ngampar samak di basisir pantai, dilajeungkeun sareng acara papahare. Hehee!

Rengsena papahare éta téh, abdi sareng rerencangan teras langsung bae ameng ka pantai pangandaran. Ti mimiti nyobian ngadamel istana tina pasir, maen bal, ngojay, sareng nu liana. Sabab ombakna nu lumayan ageung, abdi jadi teu wani ngojay teubih-teubih ka pantai eta.

Dugi teu karasa panon poé tos mulai turun, abdi calik sakedap sabari ningalikeun kaendahan pantai dibarengan sareng tuang babarengan deui. Sawaktos tuang babarengan téh teu lila sakantenan abdi sakeluarga mulih deui ka bumi.

l


13. Contoh carpon basa sunda ditingalkeun indung pupus


Kanyaah Indung bapa.

Gubrag ka alam dunya, kocéak dengékna jéntré meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.
Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun,
Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.
Belenyéhna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,
Réngkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.
Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana,
Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.
Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
Bapa kuring anu ngabébérés masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring
Ayeuna kuring geus gedé
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh jeung méré kapusing anu jadi kolot
Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi ka ayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna
Duh... Ema, Bapa hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot

14. sebutkan unsur-unsur intrinsik carpon pakai basa sunda


Unsur-unsur intrinsikcarpon atawa carita pondok nyaeta tema atawa jejer, latar, galur, tokoh, watak tokoh, amanat, sudut pandang jeung gaya basa. Carpon, boh dina basa Sunda boh dina basa lianna, nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa moderen jeung prosa buhun. Carpon kaasupna kana prosa moderen.

Pembahasan

Dihandap ieu dijentrekeun unsur-unsur intrinsik nu aya dina hiji carpon :

Tema atawa jejer nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar hiji carpon. Tema mangrupakeun anu jadi jiwana ti sakabeh bagian carita nu aya dina hiji carpon. Dina cara nepikeunana, aya tema anu ditepikeun ku sacara jelas atawa sacara tersurat jeung ku sacara samar-samar atawa sacara tersirat. Latar nyaeta sagala petunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa dina hiji carpon. Aya tilu unsur anu poko dina latar, nyaeta latar tempat, latar waktu jeung latar suasana. Galur nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carpon. Tokoh nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina carpon. Tokoh dibagi jadi tilu rupa nyaeta: Protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, Antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung Tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan. Watak tokoh nyaeta anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : Dialog tokoh, Penjelasan tokoh jeung Penggambaran fisik tokoh. Amanat nyaeta anu jadi pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carpon. Sudut pandang nyaeta mangrupakan hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina carpon ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun. Gaya bahasa nyaeta mangrupakeun hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun carpon anu hirup jeung endah.

Pelajari lebih lanjut

Bedana carpon jeung dongeng https://brainly.co.id/tugas/2729194 Naon anu jadi ukuran pondok dina carpon https://brainly.co.id/tugas/9675905 Bedana carpon jeung novel https://brainly.co.id/tugas/5406448

__________

Detil Jawaban

Kelas : VIII

Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pondok

Bab : 8

Kode : 8.13.8

Kata Kunci : Carpon, intrinsik, basa sunda


15. Carpon basa sunda tema sosial


Tema sosial
Maaf kalo jawaban qu salah

Video Terkait


Posting Komentar untuk "Contoh Carpon Basa Sunda Singkat"